Minggu, 19 Februari 2012
Drama bahasa sunda
Salah Paham
Di hiji desa aya keluarga miskin jeung keluarga beunghar. keluarga nu beunghar geus ka sorot jelemana koret ka tatangga, sedengkan keluarga anu miskin ka sorot sok nulungan batur.
Di imah nu beunghar aya juragan nuju macakoran di luar bumi datang anak-anakna balik ti sakola.anak bungsuna, anisa baheulana sakola di luar negeri ayeuna cicing di indonesia.
Anisa, Ari, Aisyah, anton : Hello, dedy ..!!!
bapak : atos aruih nu gareulis sareng nu karasep teh ..?!
bapak : atos aruih nu gareulis sareng nu karasep teh ..?!
Anisa : Yess, dedy. we come back to home.
bapa : heueuh, kumaha kareplah .!!
kabeh : ahahaha ....
bapa : jig geura genti baju langsung neda jeung bapa!
Bapa jeung anak-anakna asup ka imah.
Di imah keluarga miskin,
ibu nuju sasapu datang anak-anak balik ti sakola.
Ujang, Udin, Maemunah, Sri : Assalamuallaikum, bu !!
ibu : Waalaikumsallam ..!
Maemunah : Bu mae teu acan mayar iuran sakola!
Sri : abdi teu acan mayar buku bu
Ujang : Sapatu abi atos soeh bu!
Ibu : atuh kumaha deui? kaayaan ibu ngansakieu, ibu bde nambut artos atuh ka juragan!
Udin : tapi bu juragan teh koret kapanan?
Ibu : eta mah urusan ibu, ibu angkat heula. Assalamuallaikum!
Kabeh : Waalaikumsallam!
Di imah juragan nu beunghar.
nyi darsih : Assalamuallaikum, juragan !
juragan : Waalaikumsallam! aya naon nyai sumping ka dieu (bari seuri)
nyi darsih : punteun, bi teh bde nambut artos kanggo mayar sakola pun anak.
juraga : oh, sabaraha nyai perluna?
nyai darsih : ah, teu seueur ngan 500 rebu
juragan : tiasa ... tiasa ... tiasa ...! tpi kdu di bayar bulan hareup!
Saeungeus nyai darsih balik ti imah juragan, warga pada ngaromongkeun lamun nyai darsih jeung juragan th boga hubungan khusus. 1 bulan kamudian, juragan datang ka imah nyi darsih!
juragan : nyi darsih ..!! (bari keketrok panto)
Udin : eh, juragan! aya naon sumping ka rorompok kami!
juragan : nyi darsih aya?
Datang nyi darsih kaluar bari mawa cai.
nyi darsih : eh, juragan!
juragan : eh, nyai!
nyi darsih : bade nagih artos juragan?
juragan : muhun.
Aisyah jeung Anton ningali bapana aya diimah nyi darsih. tuluy nyampeurkeun ka imah nyi darsih.
Aisyah jeung Anton ningali bapana aya diimah nyi darsih. tuluy nyampeurkeun ka imah nyi darsih.
Aisyah : Dedy, nuju naon di imah butut kieu!
Anton : nya, hayu urang uih dedy!
juragan : mhun, keheula sakeudap!
Datang ujang jeung Sri.
Sri : aya naon ieu teh?
Ujang : muhun, aya naon ieu teh bu? naha aya juragan jeung anakna sgala.
nyi darsih : (bingung) eu ...eu ... eu ...
omonganana kapotong ku sabab anisa jeung ari langsung datang nyampeurkeun.
Anisa : Hello, dedy! Aisyah, Anton, Dedy, What are you doing?
Ari : aya naon karumpul di bumi nyi darsih? kumaha pami bumi reyodna runtuh? CILAKA!
Datang Maemunah jeung udin ti jero imah.
Maemunah : euleuh-euleuh, ulah kitu atuh? da kieu-kieu ogen tempat ngalindung diri tina sato, panas jeung hujan.
Juragan : eunggeus atuh, naha jadi raribut kieu?
Aisyah : hayu atuh dedy urang uih ka bumi gedong urang!
Udin : Sombong pisan (bari sinis)
Ari : naon maneh? Rek geulut jeung urang!
nyi darsih : (ngajerewet) Atos atuh! ka datangan juragan ka bumi teh bde nagih hutang, naha jadi salah paham kieu?
Anton ; Muhun kitu, dedy?
Juragan : Muhun.
Nyai darsih : ieu teh salah paham, abdi sareng juragan th teu gaduh hubungan nanaon!
kabeh : 0h ...!!
juragan : Paham Sadayana !
kabeh : paham !
Keluarga juragan jeung keluarga nyi darsih jadi bageur tara pahina-hina deui, saeunggeus salah paham!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar